Selamatan SPPG Gandasoli Plered
Momentum: Selamatan & Dukungan Program Makan Bergizi Gratis Presiden Prabowo Subianto
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Alhamdulillahirabbil ‘alamin, dina dinten anu penuh berkah ieu, keluarga besar Relawan Saraksazein tiasa hadir sareng ngalakukeun Selamatan Dapur SPPG Gandasoli Plered Purwakarta. Kagiatan ieu janten momen penting pikeun nguatkeun silaturahmi, rasa kebersamaan, sareng komitmen urang pikeun terus ngabdi ka masyarakat.
Selamatan ieu oge janten bukti nyata yén Relawan Saraksazein hadir pikeun mendukung program nasional “Makan Bergizi Gratis” anu digagas ku Presiden Republik Indonesia, Bapak Prabowo Subianto. Program ieu dirancang pikeun ningkatkeun kualitas gizi masyarakat, khususna Siswa Sakola sareng warga rentan, sarta Saraksazein hadir pikeun ikut ngawal, ngabantu, sareng nguatkeun pelaksanaanna di tingkat lokal.
Acara Selamatan ieu dihadiri ku tokoh-tokoh penting, di antarana:
1. Camat Plered,
2. Babinsa dan Babinkamtibmas Desa Gandasoli,
3. Pengurus Yayasan & SPPI,
4. Relawan Dapur,
5. Relawan Saraksazein,
6. Masyarakat sekitar dapur SPPG Gandasoli.
Hadirna para pemangku kepentingan ieu nunjukkeun kompakna unsur pemerintahan, relawan, sareng masyarakat dina ngabangun program sosial anu berkelanjutan.
Kang Muhammad Asror Allawy, salaku Ketua Relawan Saraksazein, nyampeurkeun rasa banggana tiasa hadir sareng ngadukung program strategis nasional ieu. Anjeunna nyarioskeun yén Saraksazein bakal terus komitmen pikeun ngadukung program Pemerintah, ti kawit program Presiden, Gubernur oge programna Om Zein Bupati Aing, ngabantu, memotivasi, sareng ngawal program-program sosial anu mangpaat pikeun rakyat, boh di tingkat desa, kecamatan, nepi ka kabupaten.
Sementara para relawan anu hadir ogé ngarasa bagja tiasa janten bagian tina perjuangan sosial anu nyata. Kegiatan selamatan ieu henteu ngan ukur simbolis, tapi ogé jadi pengingat yén perjuangan besar dimulai dari langkah-langkah kecil tapi ikhlas.
Acara, di eusi ku Sambutan Pak Camat Plered, Mitra SPPG, Oge di lajeng ku Pangaosan sareng Tausiah, di akhiri ku doa bersama pikeun kelancaran program Makan Bergizi Gratis, keberkahan dapur SPPG, kasehatan para relawan, sareng khususna kamajuan masyarakat Gandasoli Plered, langkung tebihna kanggo masy Purwakarta, masy Jawa Barat, masy Indonesia.
Panutup kagiatan mangrupa santunan anak yatim ku jajaran stakeholder SPPG Gandasoli dan gunting pita...
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
====
Kang ADD
Saraksazein.info
Komentar
Posting Komentar