DI MANIIS SARAKSAZEIN
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Alhamdulillahirabbil ‘alamin, puji syukur urang sadaya panjatkeun ka hadirat Allah Subhanahu Wa Ta’ala. Ku rahmat jeung hidayah-Nya, kulawarga besar Relawan Saraksazein tiasa ngalaksanakeun deui pengajian rutin, anu ayeuna diayakeun di rumah Bah Udin, Kecamatan Maniis.
Kalawan rasa syukur nu jero, urang ngahaturkeun nuhun ka Bah Udin sareng kulawargana anu parantos ngiringan sareng nyayogikeun tempat pikeun urang sadaya. Mugia Allah ngabales ku kasehatan, panjang umur, sarta rejeki anu berkah.
Suasana pengajian lumangsung kalayan hikmat. Ti mimiti bacaan ayat suci Al-Qur’an nepi ka tausiyah, sadayana ngaregepkeun kalawan khidmat. Nu langkung ngajantenkeun betah, nyaéta suasana silaturahmi anu haneut, di mana anggota relawan tiasa silih sapa, silih asah, silih asih, jeung silih asuh.
Ketua Relawan Saraksazein, Muhammad Asror Allawy, dina kasempetan ieu ngedalkeun rasa bungahna: “Alhamdulillah, ku pengajian ieu urang sadaya tiasa ngumpul, henteu ngan ukur ngaraketkeun tali silaturahmi, tapi ogé ngajadikeun benteng iman urang. Mugia pengajian ieu terus janten suluh anu nambihan kahadean pikeun diri urang sorangan, kulawarga, jeung masarakat.”
Sababaraha anggota ogé ngabagikeun rasa bungahna. Aya nu nyarios yén ku rutin ngaji sapertos kieu, haté karasa leuwih tenang, iman leuwih kuat, sareng motivasi pikeun neruskeun perjuangan relawan jadi leuwih jembar.
Dipanjatkeun doa, dipanjatkeun oge harepan supaya Allah maparin kasehatan, kakuatan, sarta istiqamah pikeun urang sadaya, boh salaku pribadi boh salaku bagian tina organisasi.
Mugia pengajian ieu janten wasilah pikeun urang sadaya dina ngahontal ridho Allah, sareng nguatkeun posisi Relawan Saraksazein minangka organisasi anu teu ukur ngalakukeun amal sosial, tapi ogé ngajaga pondasi spiritual.
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Cag.
Kang ADD
Komentar
Posting Komentar